1. Manusa mah kudu cicing dina rasa sareng rumasa, nganggo nyalikan dina
korsi eling, mayungan meja wiwaha, nu ditaplakan ku iman, nganggo
amparan ku kasabaran, ditelekungan ku elmu, nu dibanderaan ku ikhlas.
2. Manusa nu lumampah kudu tutunggangan wiwaha, bulu napas, diselaan ku
asihan, dikadalian ku pamilih, disebrakan ku kahormatan satia, didudukuy
ku lungguh, disanggawedian ku pangarti, sareng rintih, diapis buntutna
ku jujur, nganggo pecutna ku elmu, nu dicandakna banderana sabar,
panganggona ridho, soleh, pibalukareunnana kabagjaan. (Tah ieu jalanna
jalmi Islam).
3. Kanggo nu nyarengannana kawalapadna Bani Adam nu disebut Islam, nu
linggih dina korsi eling, sareng lumampah tunggang kuda miwaha :1.
Kipasrah, 2. Kisumerah, 3. Kiridho, 4. Kiiklas, 5. Kitumamprah, 6.
Kisumangga, kakudrat Illahi dikapalaan ku percaya. ( Iman ).
4. Sawangsulna manusa ulah aya dina jagal cidra sareng ngarasula, ulah
linggih dina korsi hilap sareng bengbatan, mayunan meja lalawora, nu
ditaplakan ku mang-mang, nganggo amparan ku kabarangasan, nganggo
telekung ku hasud takabur, nyandak banderana haranga.
5. Anu lumampah tunggang kuda amarah, nu diselaan ku haranga, dikadalian
ku dengki, disebrakan ku harak, didudukuy ku umangkuh, disanggawedian
ku licik sareng delit, nganggo pecutnta ku takabur, diapis buntutna ku
murugul, nu dicandak banderana Bengal, panganggona bohong,
pibalukareunana bahaya. ( Tah ieu jalana atanapi erelna Islam )
6. Kanggo nu nyarengan kawalapadna karunia Bani Adam nu di sebut islim,
linggih dina korsi bengbatan, sareng kuda amarah : 1. Kireuwasan, 2.
Kirisi, 3. Kiriweuh, 4. Kihariwang, 5. Kikeueung, 6. Kisieun, dikapalaan
ku mang-mang, numawi disebut jalmi islam.
Sumber :
http://babadsunda.blogspot.com/2010/07/dawuhan-kanjeng-pangeran-aria-soeria_14.html
Sumber :
http://babadsunda.blogspot.com/2010/07/dawuhan-kanjeng-pangeran-aria-soeria_14.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar